Tulungan | Puisi

Diketrokan kukurilingan neangan nu ngageroan
luak liek culang cileng
neangannu ngagupayan lukat leket iyeu kesang meni ngucur.
Aduh gusti abdi tulungan dinten iyeu
asa ku hese kacida ditatanggung lalaunan
neangan keur ongkos mulang di tongkrongan.
didagoan sugan aya nu jarajan
engeus beurang acan keneh ngalarisa beuteung lapar
puguh acan kaeusian batin ceurik hate nalangsa
dinteun iyeu ngalarisan ku cimata
dibeberik ku setoran keur nutupan kabutuhan
keur nyomponan kawajiban ngurus anak pamajikan
pangabutuh nu di lembur beuki kede
nu usaha dikota ge ngajengjenge
balik salah teu balik karasa nuntung namah
iyeu dagang asa sepi mungka gusti nyanggakeun sadaya-daya

Oleh : ZAENAL ARIFIN 

Tulungan | Puisi Tulungan | Puisi Reviewed by Agis Sofyan Nulhakim on 09.22 Rating: 5

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.